CURUG APUY: Naha make diaranan Muara Jaya? APUY teh apan “api”: seneu anak Ciremay?

Tatang M. Amirin

curug apuyEta ceuk beja, da can kungsi ngadatangan, aya curug (waterfall) di daerah Apuy, Kacamatan Argapura (baretona kaasup ka wewengkon Kacamatan Maja, saacan dibagi dua). Eta curug teh dingaranan Curug Muara Jaya. Naon nya alesanana make ngaran eta teh? Ari curug teh basa Sunda (Jawa oge), ari muara teh basa Indonesia (dipake ku Sunda), ari jaya mah Sunda Indonesia. simbul pangharepan di (atawa ti) dinya teh bakal ngamuara kajayaan? Kajayaan saha, ti mana huluwotanna?

Ih, eta rada ateul wae kitu kana ceuli Sunda teh. Euweuh kitu basa Sunda nu  sunda pisan pikeun ngaranan eta curug teh? Atawa, naha atuh lain make ngaran desana, atawa daerahna wae, ambeh populer tah si desa atawa derah teh.

Ngaran candi teh sok nurutkeun desana. Contona candi Kalasan ku sabab ayana di daerah Kalasan. Candi Borobudur ku sabab ayana di Borobudur. Candi Prambanan (Candi Sewu) ku sabab ayana di Prambanan. Candi Sambisari ku sabab ayana (kapanggihna) di dusun Sambisari.

Cik atuh curug eta teh diaranan wae Curug Apuy, saperti cau apuy nu geus rada kawentar sok sanajan masih lokal (beda nya ti cau ambon, atawa beas cianjur, boled cilembu, tauco cianjur, dodol garut). Sok sanajan loba curug nu diaranan lain ku aran tempat atawa wewengkonna. Contona Curug Sewu (cucurugan nu loba pisan) di Tawang Mangu, karang Anyar, Jateng.

Naon atuh ari hartina apuy teh, bet dipake ngaranan lembur? Sababaraha basa nusantara (malah di sabudeureun Indonesia) ngagunakan kecap apuy (apoy, api) pikeun nyebut seuneu. Apuy jadi api kana basa Indonesia. Na di Apuy Maja-Argapura teh baheulana aya seuneu, kitu? Meureun aya seuneu gunung Careme (letah Sunda nyebutna Ciremay), anu kaluar baheula di beulah dinya. Disasksrak teh can kapanggih pisan ari Sunda pituinna apuy teh naon. Aya dina Prasasti Geger Hanjuang, ngan teu disundakeun hiji-hiji, jadi teu jelas naon hartinya.

Sugan enya apuy = apoy = api. Basa Jawana apuy teh geni atawa latu (seuneu-seuneu keneh wae!). Jadi apuy teh pasti lah basa Sunda kuno, mu  ayeuna mah hartina seuneu! Di Sunda, di Jawa, di Bali nu dipake baheula teh basa Kawi. Ieu contona dina basa Bali Kuno (Kawi):   mijil tang apuy ri tangan (muncullah api dari tangan Siwa).

Keur pangajaran barudak sakola mah sesebutan muara jaya teh bakal jadi bisa ngabingungkeun. Enya apan ari muara teh ayana di sisi laut. Maenya di gunung aya muara? Sok komo keur kaditunakeun, keur generasi abad ka-21 akhir, mun rek nalungtik aran muara jaya teh meureun heseeun, da teu kapanggih aya muara di palebah Apuy teh. Tah, urang ayeuna teh geus salah nyiptakeun sajarah, sajarah ngaran-ngaran.

Can deui naha atuh ari ngaranan desa teh campur aduk antara Sunda jeung Indonesia? Cik atuh da Maja mah Sunda, ulah Maja Utara jeung Maja Selatan atuh, naon hesena nyebut Maja Kaler jeung Maja Kidul?!! Jiga lain urang Sunda wae! Padahal tatanggana pan Majalengka Wetan jeung Majalengka Kulon, Sukasari Kaler jeung Sukasari Kidul.

CURUG SAWER

Tah, aya deui informasi teh (ceuk SAKEW). Cenah di deukeut Curug Apuy aya deui curug nu dingaranan Curug Sawer. Tah rada mereneh ieu mah ngaran teh. Enya ari sawer teh (dina pangantenan mah) apan nyipratkeun (ngawurkeun) beas jeung koneng jeung naon deui jeung duit receh kencring. Jadi, puruluk-puruluk, kencring, gorolong . . . kitu pan tah beas jeung duit kencring teh maruragan “ti langit.” Jadi cai di curug sawer teh persis jiga nu sawer, wur-wur-wur pruy-pruy (katebak angin), paralak-paralak, keresek-keresek neumbragan cadas-cadas curug, crak-carakcak, karakacak . . . pray na keusik jeung karahkal di handap.

denah curwer

CURUG SAWER1

5 thoughts on “CURUG APUY: Naha make diaranan Muara Jaya? APUY teh apan “api”: seneu anak Ciremay?

  1. Sampurasun Mang..,sok ngaraos prihatin ka urang sundateh siga anu areraeun upami nganggo bahasa sunda kanggo kaperyugian sagalarupi, sigana bilih disebat urang udik panginten, bahasa sok dicampuraduk termasuk urang Maja. Kedahna Maja Kaler sareng Maja Kidul, malah Maja Utara sareng Maja Selatan ambih rada keren panginten. Hapunten ieu mah carita jalmi bodo.

    • Rampes;
      Nyaeta atuh. Atuh ari embung kaler kidul mah nya tonggoh jeung hilir, meureun, nya! Eh, hilir jeung girang, jiga di kawasan Bandung (Geger Kalong Girang jeung Geger Kalong Hilir–geger teh punclak pagunungan nu manjang; geger (ge dina gegeber) teh bahasa Jawa, hartina tonggong). Teuing ku naon deuih bet dibacana teh geger (ge dina gegelehean). Jadi weh nu teu ngarti mah nyahona teh di dinya teh loba kalong galehger. Persis Majalengka (leng dina lengkap) jadi Majalengka (leng dina lenggang betawi).
      Tapi kade, Maja Kidul ulah disingget JADUL, Maja Kaler disingget JALER, ngeunaheun MAKI jeung MAKA (Makkiy — ngeunaan Mekah), MAKA (nu matak, hehehe). Lamun Maja Girang, Maja Hilir? Marang jeung Malir, meureun, nya! Mending Marang jeung Mahi (marang/cirebonan “marang ira” = nuju ka/ka, mahi = cukup).
      Eh, Alo teh saha, teu aya nami sareng alamat geuning. Kalah ka “Gravatar” Emang nu nonghol? Pinter jadi “admin”, nya?! Hehehe. Ulah janten “hacker” nya! Aya lepat dina kotak parentah “leave a comment,” kitu? Ke rang susud! Eh, si Alo teh nganggo laptop nu dianggo ku Emang, nya?!!!

      Kade wae nya, mun Alo jadi pajabat teh nya ari ngaranan nanaon teh bari dikontekskeun kaayaan, kitu. Mun Sunda nya Sunda, mun Indonesia, nya Indonesia. Ulah Sunda diindonesiakeun, Indonesia disusundakeun.Ke bahasa Sunda jeung Indonesia jadi pacorok teu puguh.
      Cag!

  2. Leres ayana curug sawer teh, curug sawer teh masih kalebet ka desa gunungwangi, anu cai na ka walungan cipada ka kiduleun gunung nutug tempat makam mbah jaya kusuma nyaeta makam bupati majalengka tea

Leave a comment