PRABU TALAGA MANGGUNG: Manggung di mana?

Tatang M. Amirin, 2 Oktober 2010

Salah sahiji raja Karajaan Talaga (sok salah disebut Karajaan Talaga Manggung) teh nganggo jujuluk Prabu Talaga Manggung (Tah, Talaga Manggung teh ngaran salah sahiji rajana, lain karajaanana!). Nami aslina mah (eta oge tangtos saentosna janten raja) nyaeta Prabu Darmasuci II. Jadi, saha nami alitna? Teu kasebut-sebut.

Mun dicaritakeun ku basa sejen, “Raden titik-titik” diangkat (diistrenan) jadi raja di Karajaan Talaga. Ku sabab jadi raja, namina ganti jadi Prabu Darmasuci II, nuluykeun “wawangina” Prabu Darmasuci I, jiga Sri Sultan Hamengku Buwono X ayeuna, pan nami aslina teh lain Hamengku Buwono. Bedana, ari Sultan Hamengku Buwono X mah saharita langsung neruskeun ramana Sultan Hamengku Buwono IX, ari Prabu Darmasuci II mah teu saharita ngaganti Prabu Darmasuci I, sabab nu jadi raja teh rakana heula, nyaeta (Pandita) Prabu Garasiang (aya nu nyebut oge Bagawan Garasiang anu nami alitna naon, duka da teu kasebut-sebut). Disebut Prabu (Pandita) atawa Bagawan Garasiang teh dumeh ngabagawan jeung (atawa) dikurebkeun di Garasiang di perbatasan Talaga jeung Argapura. Sesebutan Garasiang teh bisa tina Grha Sang Hyang = bumina/patempatan para dewa; atawa tina Arga Sang Hyang = gunung para dewata; saperti Argapura nu ngandung harti “kota/nagara di pagunungan.” Bisa oge tina “Nagara Sang Hiyang“, tapi “nagara” lain dina harti karajaan, tapi kota gede, atawa ibu kota (puseur dayeuh)–mun Karajaan Talaga puseur dayeuhna harita di Garasiang.

Prabu Darmasuci II teh dipasihan jujuluk Prabu Talaga Manggung,  jigana, ku sabab samangsa anjeunna jadi raja teh “maher” kacida, tepi ka Karajaan Talaga teh kakoncara ka mana-mana. Jiga Prabu Wangi jadi jujuluk ramana Dyah Pitaloka ku sabab jadi “wangi” ku wawanenna toh pati melaan harga diri, putrina,  jeung nagara Sunda, na Perang Bubat. Jiga Sri Baduga Maharaja dipasihan jujuluk Prabu Siliwangi ku sabab ngagantian (jadi sisilih) Prabu Wangi dina “kawangianana” ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara Pajajaran.

Ku kituna bisa ditebak yen jujuluk Prabu Talaga Manggung teh dipasihkeun ka Prabu Darmasuci II saenggeus anjeunna teu aya. Pan waktu jadi raja mah sesebutanana teh Prabu Darmasuci II. Jadi, samemeh Prabu Darmasuci II ditelasan ku Palembanggunung mah, jigana, tetep wae namina teh Prabu Darmasuci II, lain Talaga Manggung.

Naha Prabu Darmasuci II dipasihan jujuluk Prabu Talaga Manggung? Moal lah jiga aya nu nulis supaya Karajaan Talaga jadi “manggung” kakoncara ka mana-mana.  Cenah:

Pada masa pemerintahan Prabu Darmasuci II kerajaan Budha Talaga ini mengalami kemajuan yang sangat pesat dalam mengembangkan pengaruh pemerintahan dan agama di tatar sunda. Sebutan Talaga Manggung merupakan sebuah pemberian nama kepada Prabu Darmasuci II dengan harapan setelah dinobatkan menjadi raja di Talaga kelak menjadi seorang pemimpin yang manggung, yaitu seorang raja yang adil dan bijaksana dalam menjalankan pemerintahannya. Harapan ini menjadi kenyataan, terbukti setelah Prabu Darmasuci II dipercaya menjadi raja ke-11 di Talaga, kerajaan Talaga mengalami kemajuan dan perkembangan yang sangat pesat.

Kahiji, ari nyebutkeun “supaya” teh pan kawas mere ngaran ka budak karek lahir (mun teu diganti) saacanna gede. Diaranan Slamet Lestari (Jawa) teh supaya engkena jadi jalma nu “salamet jeung panjang umur.” Prabu Talaga Manggung teh pasti jujuluk saenggeus “teu aya” sabab waktu diistrenan jadi raja mah pan namina (jujulukna) teh Prabu Darmasuci II tea. Jadi, dipasihan jujuluk Prabu Talaga Manggung teh lain ku sabab diharepkeun Sang Raja tiasa “manggung” bari istilah manggung dihartikeun bisa adil palamarta jeung sabangsana. Pan jauh pisan, dan “manggung” teh hartina (mun ayeuna mah): (1) pentas di panggung, (2) makalangan di “kalang” alias arena (mandala peperangan, contona).

Kadua, istilah (kecap) manggung harita tangtu beda jeung ayeuna. Harita pasti can aya panggung, nu aya pakalangan (arena). Kasenian can dipanggungkeun, kabeh digelar di pakalangan. Jadi, sebutan “manggung” teh ulah dikaitkeun ka panggung, sok sanajan “panggung pemerintahan,” dan can aya tradisi nyieun panggung tea.

Kecap manggung teh aya dina ngaran Temanggung. Temanggung teh, ceuk nu nyarita, cenah tina Demang Agung, salah sahiji demang nu dititipan wewengkon eta ku rajana mangsa rek merangan musuh. Tina Demang Agung robah jadi Demanggung, tuluy robah deui jadi Temanggung.

Pasti Talaga Manggung mah lain tina Demang Agung nu jadi de-MANG-a-GUNG, nu terus jadi MANGGUNG. Jadi, naon atuh ari “manggung” teh?

Kahiji, bisa jadi tina “Ma-Hyang” (Ma-Hyang-Agung),  jiga “Ra-Hyang” (Rahyang) jeung “Da-Hyang” (Dayang-Sumbi). Tina “Ma-Hyang-Agung”  robah jadi MAYANGAGUNG, terus robah deui jadi MANGGUNG. Tapi, kecap “ma-hyang” teu dijelentrekeun naon hartina.

Nu deukeut ka “manggung” teh aya na  filosofis kahinduan, lain kabudaan. Apan cenah ceuk sakaol Talaga teh karajaan Budha, lain Hindu. Dina filosofi  Hindu teh aya tilu dewa nu disebut Trimurti, nyaeta Brahma, Wisnu jeung Siwa. Ieu nukilanana nu aslina ngeunaan Candi Prambanan.

  • Tiga candi utama disebut Trisakti dan dipersembahkan kepada sang hyang Trimurti: Batara Siwa sang Penghancur, Batara Wisnu sang Pemelihara dan Batara Brahma sang Pencipta.
  • Candi Siwa di tengah-tengah, memuat empat ruangan, satu ruangan di setiap arah mata angin. Sementara yang pertama memuat sebuah arca Batara Siwa setinggi tiga meter, tiga lainnya mengandung arca-arca yang ukuran lebih kecil, yaitu arca Durga, sakti atau istri Batara Siwa, Agastya, gurunya, dan Ganesa, putranya. Arca Durga juga disebut sebagai Rara atau Lara/Loro Jongrang (dara langsing) oleh penduduk setempat. Untuk lengkapnya bisa melihat di artikel Loro Jonggrang.
  • Dua candi lainnya dipersembahkan kepada Batara Wisnu, yang menghadap ke arah utara dan satunya dipersembahkan kepada Batara Brahma, yang menghadap ke arah selatan. Selain itu ada beberapa candi kecil lainnya yang dipersembahkan kepada sang lembu Nandini, wahana Batara Siwa, sang Angsa, wahana Batara Brahma, dan sang Garuda, wahana Batara Wisnu.

Pakait jeung Trimurti eta aya simbul-simbul “swastika” kawas dicutat ieu di handap:

  • Gaya kekuatan mencipta (Utpatti) ditandai dengan aksara A yang pengucapannya menjadi ANG manifestasi Tuhan yang berwujud Brahma. Kekuatan memelihara U yang pengucapannya menjadi UNG adalah menifestasi Tuhan yang berwujud Wisnu. Dan akhirnya kekuatan untuk menghancurkan dunia ini (pralina) dilambangkan dengan aksara M yang pengucapannya menjadi MANG adalah [sebagai] manifestasi Tuhan yang berwujud Ciwa. A.U.M. (ANG, UNG, MANG) ini dinamakan tri aksara [yang] mempunyai kekuatan gaib yang gunanya untuk menentramkan tri kaya atau tri pramana (bayu, sabda, hidep) kalau diwujudkan dalam Bhuana Alit yaitu raga sarira sendiri.

Urutan ANG (Brahma), UNG (Wisnu), MANG (Siwa), lamun nempatkeun Siwa di tengah (jiga Candi Siwa di candi Prambanan), jadi ANG-MANG-UNG (Angmangung). Tah, saha nyaho, sabenerna “manggung” teh sinusun ti tilu lambang (simbul) Trimurti, A (ang), M (mang), U (ung), jadi “angmangung” nu ku sabab rada susah ngalapalkeunanan nya jadi “amanggung” terus jadi “manggung” (sabab keur basa ayeuna kecap “manggung” teh leuwih kaharti–sanajan teu pati ngarti naon maknana). Sakali deui, eta teh ku sabab diduga sesebutan Prabu Talaga Manggung teh pandeuri ayana, lain waktu harita keur jamanna marentah Karajaan Talaga. Kajaba aya “prasasti” nu memang nulis (ku aksara Palawa atawa Sunda kuno) diberi jujuluk “Manggung” (tulisanana “eces pisan “manggung.”)

Naha disebut Prabu Talaga “Angmangung”? Jigana ku sabab na diri Prabu Darmasuci II teh ngumpul tilu sifat dewa Trimurti, nyaeta bisa ngayakeun (ang), bisa ngarawat (mang), bisa ngancurkeun (ung), “angmangung.”

Jiga geus disebutkeun di hareup, tina kecap angmangung teh, da rada susah na letah, robah jadi “amanggung” nu terus  jadi “manggung.” Allahu a’lam.

Kamungkinan lain, “manggung” teh tina kecap “ma-agung.”  Kecap “ma” ngandung harti muga-muga, jadi “muga-muga agung.” Jiga ieu aya na prasati Kawali (nurutkeun Danasasmita):

Prasasti I: Nihan tapa kawali nu siya mulia tanpa bhagya parebu raja wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayu na kadatuan surawisesa nu marigi sakuliling dayeuh nu najur sagala desa aya ma nu padeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya dina buana.

Dalam bahasa sunda: Nu tapa di Kawali ieu teh nu mulya nu tapa nu bagja Prabu Raja Wastu nu jumeneng di kota Kawali nu mapaes karaton Surawisesa, nu nyusuk (kakalen) sakuriling dayeuh, nu ngaraharjakeun sabudeureun nagri. Muga-muga aya nu pandeuri nu ngabiasakeun migawe karahayuan malar lila jayana di buana.

Dalam Bahasa Indonesia : Yang bertapa di Kawali ini yang mulia yang bertapa yang bahagia Prabu Raja Wastu yang berkedudukan di Kota Kawali yang menghiasi keraton Surawisesa, yang menggali parit sekeliling kota, yang mensejahterakan sekeliling negri. Mudah-mudahan ada yang dibelakang yang membiasakan mengerjakan kebajikan supaya berjaya di buana.

Prasasti II: Aya ma nu ngeusi bhagya kawali bari pakena bener pakeun najeur na juritan.

Dalam Bahasa Sunda: Muga-muga aya nu pandeuri nu ngeusian nagara kawali ku kabagjaan bari ngabiasakeun diri migawe karaharjaan sajati supaya tetep unggul dina pangperangan.

Dalam bahasa Indonesia : Mudah-mudahan ada yang dibelakang yang mengisi negara kawali dengan kebahagiaan, dengan membiasakan diri mengerjakan kesejahteraan sejati agar tetap jaya dalam peperangan.

Ngan, nyaeta, mun tina “ma-agung” (muga-muga, mudah-mudahan) agung teh apan eta mah harepan samemeh (wiwitan) jadi raja, lain saenggeusna. Tegesna harepan muga-muga Prabu Darmasuci II teh jadi prabu (raja) di karajaan Talaga nu agung.

Jadi, aya kamungkinan asal-usulna teh nu kadua (ANG-MANG-UNG). Tapi eta bakal kabantah ku “Talaga” teh karajaan Budha, lain Hindu. Ceuk Danasasmita:

Kerajaan Talaga daerah Talaga (Majalengka) besar kaitannya dengan Kawali. Kerajaan Talaga ialah salah satu (satu-satunya) yang menganut Agama Budha. Na tulisan lain, kaasup nu resmi dina situs Kabupaten Majalengka, Talaga teh disebut karajaan Hindu (make judul “Majalengka”  Masa Hindu). Jadi, ku sabab Budha, tangtu moal aya sesebutan “Ang- Mang-Ung” Trimurti Brahma, Siwa, Wisnu nu jelas-jelas Hindu. Kajaba aya sinkretisme (percapuran) ajaran, jadi Hindu-Budha.

Aya kamungkinan lain, nyaeta “masnggung” teh tina kecap “maha-agung” (mahagung–>manggung). Prabu Darmasuci II teh, ku sabab janten raja nu agung, jadi Prabu Talaga Maha Agung. Tegesna Prabu (raja, ratu) di Karajaan “Sanghyang” Talaga anu Maha Agung–>Prabu Talaga “Mahagung”–> Prabu Talaga “Manggung.” Apan raja di Karajaan Talaga nu pang(maha)-agung-na teh nya anjeunna, Prabu Darmasuci II tea.

Wallahu a’lam.

Leave a comment