KERAJAAN TALAGA: MELACAK JEJAK BUJANGGA MANIK (9) DIALOG

Aalhamdulillah, ada komentar dan masukan dari “turunan Talaga” mengenai apa yang sudah saya coba lacak tentang sejarah Talaga. Tulisan aslinya dalam bahasa Sunda sudah diedit ulang. Silakan dipelajari untuk dijadikan data sejarah bersama, untuk dikaji ilmiah, karena sebagian rasanya hanya menurut “tutur tinular” alias “saur sepuh.” Sebagian nama-nama dan gelar lebih berlandaskan pada kirata basa yang berujung pada “legenda.” Pemberi komentar dimaksud adalah Ahmad Mamun.

Ahmad Mamun on 02/05/2012 at 06:05 said:

Lo, mamang ngiring bungah ku usaha alo nyingraykeun rahasia sasakala pupuhu urang. Miturut saur pun aki (Rd.Pradjawinata) Pasanggrahan Agung Talaga teh ayana di wetaneun alun alun Talaga (persisna ayeuna janten Rumahsakit Talaga), malahan taun lima puluhan fondasi benteng bata sapertos pager Kasepuhan Cirebon masih nyesa, ari tilas batu lingga/yoni rupina upami teu lepat aya di pakarangan bumi Alm. Rd. Emon Sumarna bin Rd. Kulsum di Talagawetan. Salam ti Wargi Talaga di Tangerang-Banten.

Rangkuman: Pesanggrahan Agung Talaga sekarang menjadi rumah sakit Talaga, terletak di sebelah timur alun-alun Talaga. Dulu, tahun 50-an fondasi pagar luar terbuat dari batu bata seperti pagar halaman Keraton Kasepuhan masih ada. Lingga/yoni tinggalan Talaga dulu ada di halaman rumah alm. Rd. Emon Sumarna bin Rd. Kulsum di Talaga Wetan.

Ahmad Mamun 2012/07/22 at 10:53

Lo, ku ditanjeurkeunana eusi Babadamian Ciburang (1555) antawis Sunda Galuh/Talaga sareng Cirebon/Demak, “linggihna” Ariya Kikis di Wanaperih teh dina rarangka ngajalankeun hukuman anu ditibakeun ku Kanjeng Sinuhun Gn. Jati margi anjeunna “ngumandangkeun Perang Sabil” ka sesa Wadiya Balad Demak anu ngaranjah ka Talaga. Anjeunna dicopot tina kadudukan salaku Dipati Talaga teras kedah tatapa (dibuang?) di leuweung Wanaperih (1565), padahal anjeuna nembe lima taun jadi narpatina.(Atuh pasti peurihna hate dina nampina hukuman).
Nyambung kana patarosan alo ngeunaan Parung dimana? Eta leres pisan Pa-Rung teh ngarupikeun sesebatan kanggo hiji tempat di suku gunung Picung palih wetan (tungtung lembur/desa Campaga) nepikeun sisi walungan Cilutung anu disebut Leuwi Kacapi. Disebat parung ku Rd. Ranggamantri (Pa-Linggih) margi nalika anjeunna nyobian ngabudidayakeun huma “Pa” (Ketan Darat?) didinya hasilna garung (gagal) henteu sapertos huma handapeunana anu disebat Huma Tegal (Tilas Talaga saat kiduleun Talaga dugi ka Cikijing parat ka gunung Bitung anu kiwari disebat “Pasawahan Tegal” ). Saleresna wewengkon ieu teh tempat dikurebkeunana para Luluhur Talaga awit ti Gunung Picung, Gunung Barang, dugikeun ka Desa Cikeusal, anu antawisna Kuburan Batara Gunung Picung, Kuburan Pangeran Apun Surawijaya (Sunan Lemah Abang), Kuburan Batara Sokawayana (Sunan Parung), Kuburan Ratu Sunyalarang (Ratu Parung), Kuburan Pangeran Ariya Kusumah Yuda (Sunan Caruy). Kuburan anu sanesna ti awit Pangeran Ariya Surawijaya ayana di Pasir Ciburuy (Talaga Wetan), kacuali Pangeran Ariya Wiranata anu dikurebkeun di Nunuk. Kuburan Batara Sokawayana (Sunan Parung) dialihkeun ka sisi situ Sanghiyang palih kulon (anu disebat Sanghiyang Jarian) dina taun 1922 (Realisasi hasil babadamian para Ulama Talaga anu dipimpin ku Kiyai Terbuka dina taun 1920). Kuburan Ratu Sunyalarang (Ratu Parung) dialihkeun ka Kuburan Keluargi Raden Natakusumah di Cikiray ku alpukahna H.Hasanudin/R.Acap Kartadilaga/Kuwu Talaga Kulon dina taun 1948 (Dina rarangka ngadamel sarsilah Simbarkancana ka II. tapi ide ieu teh teu diluyuan ku Wargi Talaga).

Rangkuman: Pangeran Ariya Kikis dihukum oleh Sunan Gunung Jati karena berontak, dibuang ke hutan (“wana”) yang membuat hati Ariya Kikis “perih” (jadi Wanaperih–basa Sunda asli bukan perih, tapi peurih–Tatang), karena baru menjabat sekitar lima tahunan.
Nama Parung berasal dari tanaman “pa” (ketan darat) yang tak bisa tumbuh subur (ga-rung alias gagal). Catatan: Mungkin harus dilacak “toponomik” kenapa di tempat lain banyak juga nama parung, padahal pasti asal-usulnya beda dari Parung Talaga tadi. Parung Talaga membentang dari kaki Gunung Picung, ujung barat desa Campaga sekarang, sampai ke Leuwi Kacapi tepian sungai Cilutung. [Note: toponomik disebut parung karena daerahnya merupakan parung sungai?!].
Para leluhur Kerajaan (Ketumenggungan) Talaga umumnya dimakamkan di Pasawahan Tegal (bekas “telaga” yang kering, selatan Talaga sampai Gunung Bitung Cikijing). Menarik untuk dikaji geologik bekas “telaga kuno” Talaga. Bisa jadi “talaga” nama kerajaan bukan karena ada situ Sangiang, tapi ada “talaga” yang sekarang kering [Kajian geologik: kapan mulai kering, dan kenapa kering?!] Artinya, disebut Kerajaan (Ketumenggungan) Talaga itu karena ada talaga besar di daerah yang sekarang jadi Talaga. Ibu kota awal di mana, silakan baca lacakan saya di bagian lain. Walangsuji (desa Kagok, Banjaran, Talaga)  jadi ibu kota saat Bujangga Manik mengunjungi Kerajaan (kabataraan) Talaga (perkiraan tahun 1475-1525). Sekali lagi, “wanaperih” secara toponomi lebih dekata pada “wana”+ “prih” (dalam bahasa Jawa, sampai sekarang, disebut preh–saya punya bonsainya), sejenis beringin (ada dalam berbagai Kamus Jawa Kawi). Parung lebih dekat ke makna parung yang di mana-mana di tatar Sunda ada (Parung dekat Darma, Parung dekat Bogor, Parungkuda dll). Parung mengandung dua arti. Pertama (dalam bahasa Jawa) berarti jurang yang dangkal (sama dengan lembah tak dalam). Kedua, diartikan pula sebagai jeram atau air terjun pendek. Dari keterangan Ahmad Mamun, tampaknya parung lebih dimaksudkan lembah panjang sampai pinggir sungai. Sunan Parung itu julukan (gelar) yang diberikan karena bermukim (atau menguasai, mewilayahi) daerah sekitar lembah tepian sungai.

2 thoughts on “KERAJAAN TALAGA: MELACAK JEJAK BUJANGGA MANIK (9) DIALOG

  1. Assalamualaikum..mohon ijin memperkenalkan diri, saya turunan dari Klg. Astapraja, (Rd. Ramdhan Astapraja) awit ti Pangeran Dipati Suwarga. Terima Kasih infonya..

    • Waalaikummussalam…saya juga dari keluarga Astapradja…uyut Haji Husein Astapradja (Bandung), aki Zainal Abidin (Bandung), apa Bazar Djamir Astapradja

Leave a comment