KAREO SUNIA TALAGA–naon tateh?

Tatang M. Amirin

Edisi 17 Agustus 2010; 26 September 2010

Urang Talaga “protes,” naha cenah ngeunaan Talaga teu aya bahasan pisan na ieu blog teh.  Heug atuh urang coba, nya. Kahiji, talaga teh hartina balong gede atawa situ gede, ceuk sakaol mah. Ceuk sakaol deui talaga teh situ kawah. Sok lah talungtikan beulah mana saenyana baheulana anu disebut talaga teh, teuing rek dina harti balong atawa situ gede, teuing rek dina harti situ kawah. Beulah kota Talaga ayeuna? Naon raratanana? Aya kitu? Diilikan na “google satellite map” teh can pati ebreh eces pisan. Jigana, nu disebut talaga teh nu ayeuna disebut situ, nyaeta situ sangiang, situna para Hyang alias para dewa. Atawa, situ tempatna “raja Talaga” dianggap ngahiang (leungit).

Kadua, aya dua ngaran lembur di Talaga deukeut situ Sangiang nu rada aneh ngaranna, nyaeta Kareo jeung Sunia. Ngaran naon tateh mun ditaungtik tina jihad toponomi (asal-usul aran wewengkon? Panasaran!

Kareo

Diteangan dina Kamus Jawa Kawi Indonesia (Maharsi, 2009) teu aya kecap nu persis. Aya ge lapat-lapat na ingetan, ari taleus (lompong) cai teh kareo lain ngaranna? Jadi meureun di eta wewengkon teh loba pisan tangkal kareo alias lompong cai. Eta baheula, keur kuring leutik, mun aya kulawarga nu batuk teh sok “ngalahang” kareo. Enya “dahan” (gagang daun) kareo teh pasosore dipotong, dipiceung daunna, tuluy diasupan botol urut kecap atawa limun (sprite, fanta jeung sabangsana, mun ayeuna mah). Melengkung ka handap tah si “dahan” kareo teh. Isukna si botol teh dicokot, tuluy cai nu aya dina botol digelekgek. Sanggeus sababaraha kali (poe) nginum lahang kareo, batuk teh waras, alhamdulillah.

Tah lamun enya di eta wewengkon teh loba tangkal kareo, pasti atuh loba balong atawa ranca/rawa, taneuh nu becek. Da kareo mah apan hirupna teh dina taneuh becek, leutak, jeung sabangsana. Geus aya kitu balong jaman harita? Enya ngahaja dijieun jelema keur miara lauk? Ah, piraku, da lauk kari ngalaan di rawa, ranca, atawa situ jeung talaga.

Nalungtik na kamus Jawa kawi tea, aya kecap nu deukeut ka kareo teh, nyaeta karoya. Tah, pasti ngaran kota Kroya di Jawa Tengah deukeut Purwokerto teh tina kecap eta, da letah Jawa mah sok kitu (parahu dilisankeun prahu, keresek jadi kresek, kalapa jadi klapa atawa klopo). Naon ari karoya teh? Karoya teh mun dina basa Indonesiana “sejenis pohon ara besar.” Pohon ara teh jiga caringin. Mun di Jawa mah “preh” meureun. Jadi, bisa jadi oge di lembur Kareo teh jaman harita aya tangkal karoya nu gede. Letah Sunda nyebutna lain karoya atawa kroya, tapi kareo. Rada jauh oge. Pek lah talungtikan leuwih taliti ku sarerea.

Tah mun di dinya aya tangkal karoya (kareo), meureun tanahna teh sabangsa tegalan atawa pakarangan, lain tanah becek. Jadi lain ku loba lompong kareo, tapi ku aya tangkal karoya eta lembur diaranan Kareo teh.

Sunia

Ari Sunia, naon? Sunia teh deukeut ka sonya atawa sunya (contona Sonyaragi atawa Sunyaragi di Cirebon.) Sunia teh tina basa Sansekerta “sunya,” jiga “kanya” jadi “kania”–urang Jawa nyebutna “kenyo” (hartina parawan  atawa rumaja putri).

Sunya teh hartinya “sunyi” ceuk basa Indonesia mah. Tuh mirip (deukeut) pisan nya ucapanana teh (sunya-sunyi). Jadi, wewengkon nu disebut Sunia teh baheulana kaasup wewengkon nu sepi. Harti lainna su sapada teh “kosong molongpong” (hampa), “cicing teu nyora, teu obah, teu nyawaan,” oge “teu cahayaan.” Jadi baheulana wewengkon eta teh bisa jadi mangrupakeun wewengkon anu sepi jempling, taya kahirupan, malah teu kaasupan cahaya panonpoe pisan (da meureun hieum ku tatangkalan nu galede, atawa panaonpoe isuk kahalangan ku gunung). Gampangna mah disebut weh jadi “sunyaloka,” wewengkon nu sepi jempling, taya obah-obahing kahirupan manusa, malah rada hieum da teu kacahyaan ku panonpoe. Jigana, disebut “lembur” Sunia teh nyaeta ku sabab teu pati loba nu cicing di dinya, jadi rada sepi (keur jaman harita), atawa ku sabab arang pisan kaasupan ku cahaya panonpoe. Mun  di Maja mah sarua meureun jeung lembur Heubeulisuk (isukn a te h heubeul terus, arang aya beurang nu panonpoena moncorong, hehehe). Gampangna mah, aya panonpoe teh mun geus beurang pisan, da kahalangan ku tantangkalan, atawa kahalangan ku pasir atawa gunung. Nya, pan panonpoe karek “bijil” ti beulah wetan, ti gunung Ciremay teh mun geus beurang pisan.

Bisa oge disebut sunia teh ku sabab jadi patempatan pikeun nyepi, jang tatapa, contona. Cocog lah keur para bagawan, nyepi di dinya. Eta jiga Santi Asromo, nya! Pan Santi Asromo teh nyengceling, sepi, dipake keur jadi “kawah candradimuka” para santri ku Embah Haji Abdul Halim.

Tah, sugan pakait jeung kana ngaran lembur Sunia teh ngaran ratuna Karajaan Talaga, Sunyalarang. Sunya teh sepi, “larang” teh bisa hartina (1) teu bisa diasupan, bisa oge (2) nyorangan misahkeun diri, bisa oge (3) nyamuni dti balarea. Jadi, Sunyalarang teh ratu (meureun keur putri keneh) nu sok biasa nyenyepi nyorangan misahkeun diri ti karamean.

Kitu, sugan. Nyanggakeun. Bari duka atuh ari sajarah atawa dongengna mah. Sugan aya nu terang? Diantos!

4 thoughts on “KAREO SUNIA TALAGA–naon tateh?

  1. sanes protes punten pa tatang mung hoyong di sebat bae beh rada terkenal, aya oge pa nu teu acan kasebat nami gorolong, eta teh pangingten penting nami teh ngeunaan dina uihna prabu talaga ti patapaan nu wafat ku pengawalna duka tah apal apal hilap ka dulur-2 mugia aya nu uninga.
    sareng hiji deui nu bade tumaros masalah statistika bermakna sareng signifikan teh sami ?

    • Hiji, nami Gorolong teh di palebah mana? Ngandelkeun google map wae apan peta teh. Sunia oge sok teu pas pisan sareng tempatna na google map teh. Punten teh deui, pek aos heula edisi bahasa Indonesia na “page” kontroversi (Kerajaan Talaga: Melacak Jejak Bujangga Manik). Desa Kagok teh pasna pisan manaeun Banjaran? Ka jalan raya Banjaran teh napel henteu. Banjaran mah terang, sok kaliwatan ari mudik, ari Kagok mah teu apal, teu nalingakeun. Cimeong ge terang, da baheula keur SD kungsi ngawengi uih ti Sangiang kawengian. Terus di desa Kagok teh aya pasir naon, aya walungan naon, aya kampung (blok) naon wae. Nu tos kapendak teh apan kampung Kebonwana sareng Cigumilang. Teras ari makam Sunan Wanaperih palih mana, di kampung (pasir) naon? Kitu oge di Sunia aya nami naon wae (anu tos kapaluruh teh balong Sunyalarang sareng Sunyantaka sareng makam Sunyantaka).
      Dua, sangat jarang orang mengatakan korelasi bermakna, yang sering signifikan. Signifikan itu ya kira-kira bahasa sederhananya “meyakinkan”–benarnya (pada taraf tertentu). Tapi, banyak orang yang mengindonesiakan signifikan itu bermakna. Sebetulnya agak kacau, tapi ya sudah, asal ditambahkan kata signifikan, sebab kalau tidak, ya “bermakna” itu akan diinggriskan “meaningful,” kan jadi kacau. Kalau dari segi bahasa “significance” (“significant”) itu terjemahannya berarti atau penting. Hari yang penting = a significant day–dalam hidup saya, misalnya. Tapi untuk bahasa statistik jadi agak repot kalau diterjemahkan seperti itu, karena ini sebenarnya berkaitan dengan kebenaran.

Leave a comment