SALAMANGGU ta Salamangu? Tangkal sala jeung manggu?

Tatang M. Amirin

SALAMANGGU teh ngaran desa (cantilan) nu kaasup desa Maja (Maja Kidul ayeuna mah). Ti baheula teh can kacukcruk naon hartina. Enya ari sala teh hartina naon? Ari manggu mah pan aran tatangkalan. Ngan saenggeus nyaho aya aran Tawang Mangu, daerah wisata di jawa Tengah, jadi mikir oge: Salamanggu ta Salamangu ngaran eta leMbur teh.

Atuh dicukcruk weh tah dina internet. Alhamdulillah kapanggih bari hese beleke oge. Geuning sala teh (solo mun di Jawa mah) ngaran tutuwuhan. Tah kawas kieu yeuh wujudna teh.

Couroupita_guianensis sala pohon_p5jpg

Ngaran ilmiahna teh couroupita guianensis. Ngaran sejenna teh  Cannonball tree, boskalebas, coco de mono, abricó de macaco, castanha de macaco, cuia de macaco, macacarecuia,  kanonenkugelbaum.

Tapi, aya deui nu disebut tangkal sala (sala tree) nu sejen, tah kawas kieu. Ieu mah ngaran ilmiahna teh cyathea spinulosa. Pakis eta mah jigana teh, nya?!

sala tree cyathea spinulosa

Tah ieu mah gambar tangkal sala nu keur “gomplok” buahan. Ke di handap urang pajangkeun gambar buah sala  ambeh eces.

Couroupita_guianensis sala-buah_p3jpg

Ari kembang sala teh kawas kieu. Mani hebring kitu, nya? Aya nu geus kungsi manggihan?

sala flowers

Couroupita_guianensis sala_p2jpg

Ari buah sala mah kawas ieu yeuh, buah nu geus murag tina dahan, eh tangkalna!

sala fruit

Heuh jiga pelor kanon, nya? Heueuh nu matak disebut cannonball ge. Tah, dina gambar, nu ngaliwat ka dinya teh dipeupeujeuh pisan kudu ati-ati bisi katinggang buah sala nu sok maruragan sorangan.

Balik deui ka awal carita. Salamangu ta SalamangGu? Mangu teh bisa “termangu-mangu” (hehehe, eta mah basa Indonesia, atuh, nya!). Ari mangu teh nya mango, ari mango teh manggu, atawa mangis, alias manggis. Aya nu can nyaho tangkalna? Pek ah teangan sorangan.

Jadi, Salamangu atawa Salamanggu teh sarua bae. Cindekna, di wewengkon eta teh baheulana pasti aya (loba, rea) tangkal sala jeung tangkal mangu (manggu). Ke heula, tapi. Bisa oge mangu teh hartina tepas. Di Karaton Cirebon aya nu disebut Mande Mangu atawa Mande Tepasan. Lamu mangu teh hartina tepas, meureun Salamangu teh tepas (panto, lawang, gerbang) jang nyawang ka Gunung Careme (Ciremay) nu winangun ku tangkal sala (kenca katuhu). Atawa naek kana tangkal sala supaya eces nempo Ciremay? Ah, jauh teuing mikirna, ketah.

Pek atuh teangan tangkal sala teh, pelak di Salamanggu, jejerkeun jeung tangkal manggu.Jadi weh sala jeung manggu, salamanggu. Ka mana nya neangan tangkal sala teh?

Eh, poho. Tangkal sala teh di India sok disebut oge tangkal asoka atawa tangkal nagalinga (nagalingga). Ieu tangkal teh kaasup tangkal nu sakral, sok dipakaitkeun jeung Dewa Siwa. Pikeun nu nganut agama Budha ge tangkal ieu teh kaasup sakral. Cenah Budha teh lahirna handapeun tangkal sala (jadi tangkal bodhi, nya?)

Buah sala teh bisa didahar, ngan bauna rada kumaha kitu. Ari kembangna mah seungit ngadalingding, cenah. Batokna (diameterna bisa tepi ka 20 cm) rada teuas (jiga berenuk, nya), jadi bisa dipake jang wawadahan (ngawadahan cai, upamana).

Melak tangkal sala teh bisa ku sikina. Jadi neangan wae tangkal asoka atawa bodhi ka India. Hehehe. Saha nu terang tiasa ngilarian ka mana, atuh? Eh, ieu mah ukur sambung letah urang Salamanggu. Pa Lurah Maja Kidul, mangga, ah nyanggakeun.

2 thoughts on “SALAMANGGU ta Salamangu? Tangkal sala jeung manggu?

Leave a comment